Wednesday, June 8, 2016

Bahasa Sunda ( Deklamasi , Mantra, Novel, Sajak )



 Assalmualaikum wr.wab Terima kasih sebelumnya telah mengunjungi blog saya, setelah sebelumnya saya telah memposting tentang kawih , Kali ini saya akan melanjutkan materi dalam bahasa sunda . selamat membaca, merangkum , memahami dan belajar.

DEKLAMASI
Deklamasi nyaeta seni ngebrehkeun atawa ngaekspresikeun hiji sajak kaparegep, nu dibarengan ku gerak pasemon.

Tujuan Deklamasi nyaeta pikeun nepikeun buah pikiran, maksud, atawa amanat nu aya dina hiji sajak sangkan ajen inajen ( nilai ) kaendahan katarima kunu ngaregepkeun.
Parafrase nyaeta ngebrehkeun deui hiji wangun basa kana wangun basa sejen.

MANTRA
1.     Harti mantra
2.     Conto mantra
3.     Jangjawokan
4.     Asihan
5.     Jampe
6.     Ajian
7.     Singular
8.     Rajah
1. HARTI MANTRA
            Mantra nyaeta karya sastra wangun puisi anu di anggap miboga kakuatan ghaib tur heuteu bisa di pake sagawayah ( tong di pake teu pararuguh )

CONTO MANTRA :
Jampe-jampe harupat
Geura gede geura lumpat
Tuh bangkongna luncat
Sing jag-jag tur waringkas

2. JANGJAWOKAN nyaeta mantar anu di pake di papatkeun upama arek ngamimitian hiji pagawean pikeun menta kasalametan, hiji pamaksudan jsb.

3. ASIHAN nyaeta mantra anu di pake pikeun ngawasa atawa mangaruhan sukma nu lian nu dipikacinta supaya bogoheun, jeung nu mapatkeunana pinujul kakasepana atawa kageulisanana nepi ka pada mikaasih.

4. AMPE nyaeta mantra anu di pake pikeun nyageurkeun kasakit atawa kacilakaan upama kabureuyan, jengkoleun jsb.

5. AJIAN nyaeta mantar anu dipake pikeunn menangkeun kakuatan pribadi misalna sangkan ludeung, beudas, awet ngora jsb.

6. SINGLAR nyaeta mantra anu di pake pikeun nyinglarkeun gangguan jurig, lelembut, musuh, sasatoan nu galak jeung nu ngaganggu jalma.
Rajah nyaeta mantra anu di pakeu upama rek ngambah leueung anu sanget , nyieun babakeun, siluman jsb.





NOVEL
1. Harti novel
Novel nyaeta karya sastra anu wangun prosa naratif fiksi anu caritana di atur nepi kanu macana jaba ti ngarti , bar busa ngarasakeun sarta nyipta kana naon-naon nu kasebut dina eta carita.

2. Ciri-ciri novel :
1.     Wanguna panjang
2.     Aya konflik batin
3.     Galur na rumit
4.     Jumlah kecap minimal 35.000 kecap
5.     Latarna leuwih lega
6.     Watek palaku digambarkeun detail
Unsur-unsur novel :
1.     Tema
2.     Palaku
3.     Latar
4.     Galur
5.     Amanat

Papasingan novel

1. Novel Bertendens
            Nyaeta novel nu miboga tujuan teu tangtu. Misalna dina hiji carita pangarang nembongkeun akibat anu goreng tina hiji adat atawa kabiasaan boh  masyarakat / individu.
2. Novel Sosial
            Nyaeta novel anu eusina nyokot tina masalah soosial, sapertos ka teuadilan atawa gejolak sosial dina hiji mangsa.
3. Novel Sajarah
            Nyaeta Novel anu eusina ngandung unsur2 sajarah boh palaku utama boh kajadiana.
4. Novel Misteri
            Nyaeta anu eusina ngandung hal-hal anu rusiah, nu biasana kabuki dina bagean akhir carita eta novel.
5. Novel Psikologi
            Nyaeta Novel anu eusina nyaritakeun hal-hal anu patali jeung jiwa palaku utama.

 BEDANA NOVEL JEUNG CARPON :

Ø Novel mah aya konflik batin ari carpon mah teu aya konflik batin.
Ø Dina novel watek palaku di gambarkeun detail, dina carpon watek palakuna singkat
Ø Dina Novel galurna Rumit , Carpon galurna leuwih sederhana
Ø Novel latarna leuwih lega jeung waktuna leuwih lila, Carpon Latar jeung waktu kawawatesan
Ø Wangun Carita dina novel mah panjang , wangun dina carpon mah pondok
Ø Novel jumlah kecapna minimal 35.000 kecap, sedengkeun Carpon wangun kecapna minimal 10.000 kecap

SAJAK
Sajak nyaeta salah sahiji karya sastra wangun puisi.

Wanda Sajak :

1. SAJAK LIRIK nyaeta sajak anu ngagambarkeun rasa panyajakna atawa ngebrehkeun pikiran jeung rasa tapi ngebrehkeun sakur nu kapikir jeung karasa waktu harita,
2. SAJAK EPIK nyaeta sajak anu sifatna ngadadarkeun hiji carita/ kajadian sarta biasana eusina the  ngawangun carita kapahlawanan, boh aya patalina jeung sejarah.

UNSUR-UNSUR SAJAK
1. Nangtukeun tema
2. Suasana
3. Imaji / imajinasi
4. Simbul / perlambang
5. wirahma jeung purwakanti
6. gaya basa

No comments:

Post a Comment