Wednesday, June 8, 2016

Bahasa Sunda ( Kawih , Kakawihan, Pupuh , Tembang )

Assalmualaikum wr.wb Selamat menunaikan ibadah puasa bagi yang menjalaninya , semoga amal dan pahala kita di bulan suci ini dapat bertambah dan bermanfaat amiin...
Kali ini saya akan Share Salah satu pelajaran di SMA yaitu Bahasa Sunda. langsung saja yang pertama saya akan membahas tentang Kawih beserta Unsur dan jenisnya.



Kawih
1. Harti kawih
            Kawih nyaeta Rakitan basa anu di tulis ku para pujangga ( seniman ) sarta miboga birama anu ajeg ( angger ). Kawih teh asal kecapna tina kavy ( kawi ).

Unsur-unsur Kawih :
·         Rasa    : Ngagambarkeun Sikep
·         Nada    : Sikep anu nulis ( sedih, nalangsa , adigung jsb )
·         Amanat : Pasualan nu haying di tepikeun
·         Tema : Ide Pokok

Conto Kawih :
“ Bubuy Bulan “
Bubuy bulan, bubuy bulan sangray bentang
Panon poe , panon poe di sasate
Unggal bulan, unggal bulan abdi teang
Unggal poe,, unggal poe oge hade
Situ ciburuy laukna hese di pancing
Nyeredet hate ningali ngeplak caina
Duh eta saha nu ngalangkung unggal enjing
Nyeredet hate ningali sorot socana

Conto kakawihan :
“ cingcangkeling “
Cingcangkeling manuk cingkleng cindeten
Plos ka kolong bapa satar buleneng
Perbedaan Kawih, kakawihan , jeung tembang
Kawih : lalaguan sunda anu teu ka uger ku pupuh waditrana modern tur wirahmana bebas.
Conto : es lilin , bubuy bulan.
Kakawihan : anu Sok dilagukeun ku barudak bari arulin.
 Contona : cingciripit
Tembang : lagu sunda anu k auger ku aturan.
Pupuh : nyaeta rakitan puisi tradisisonal anu kauger ku rupa2 patokan boh wanguna boh eusina.
JENIS  KAWIH
1.      Kawih buhun / tradisional nyaeta kawih jaman baheula.
Contona ; banjar sinom
2.      Kawih jaman jepang nyaeta kawih anu di ciptakeun pas jaman penjajahan jepang. Contona ; Es lilin, balon ngapung.
3.      Kawih wanda anyar nyaeta kawih jaman ayeuna atawa modern.
Contona ; anggrek japati , angina priangan.

Tambahan : Rumpaka kawih mah teu beda jeugn rumpaka wangun puisi ngan kawih mah geus di lengkepan ku wangun titi laras ( tangga nada ).

Selamat mengerjakan dan memahaminya , semoga postingan saya ini bisa bermanfaat bagi anda semua ,, terimakasih telah mengunjungi blog saya , Wassalamualaikum wr. wab

No comments:

Post a Comment